Tetengger - Sajak Cévi Whiésa

Ilustrasi sajak. Potrét: C.J. Hill

KURUNG

Panon poé geus surup
Tetengger jeung samoja
Dihakan mongkléng

Peuting ditiiran simpé
Gumuruh ngan jeroeun haté
Lir darat nu disapu sagara

Cuang-cieung sorangan
Geus taya angkeuhan
Saprak ngeusi pajaratan

2023

JEMPLANG

Peun
Mangsa umur tunggang gunung
Pangangkeuhan ngan kari dua
Teu boga jeung teu ngaboga-boga
Sésana éstuning darma ka anjeun-Na
Sabab waktu dipadung pati

2023

TETENGGER

Taun ka taun
Réa nu tumpur
Naratas jalan anyar
Nyorang kalanggengan
Tetengger jeung samoja
Mangrupa cukang ingetan
Hirup téh ngaligincing
Nunggu waktu nutup umur
Naon nu jadi tanggeuhan
Lian ti mampu ngaliwatan
Mangsa sakarat
Tug rénghap nu tamat

2024

NGUMBARA

Leumpang deui dina sugan
Sabab kamari geus panggih jeung geuning
Lunta ka leuwi mudah-mudahan
Sabab balong kutan geus kaliwatan

2024


Cévi Whiésa, gumelar jeung maneuh di Tasikmalaya, ngaleukeunan nulis sajak dina basa Indonésia jeung basa Sunda. Karya-karyana dimuat dina sababaraha média online, nuku karanganna nu geus medal: Setia Ialah Farhatun (kumpulan puisi, 2020), jeung Sabrina Nama Terpenggal (kumpulan puisi, 2022). Salian ti nulis, ngaleukeunan seni pawayangan hampir 10 taun. Sapopoéna ngawulang kasenian jeung siaran radio di LPPL Purbasora 105,7 Pas FM, Dishubkominfo, Kabupatén Tasikmalaya. 

Catatan: Hanya anggota dari blog ini yang dapat mengirim komentar.