Lalampahan Panjang Momon: Mawa Seni Sunda ka Walanda

Seniman Sunda Momon. Potrét: Instagram @sekarmanis_

SUNDAPEDIA — Lalampahan panjang Momon dina kasenian Sunda payus jadi picontoeun pikeun sing saha waé nu ngurus cita-cita hayang jadi seniman tulén. Nalika kelas 3 SD, Momon geus cilingcingcat ti panggung ka panggung ngagoongan wayang golék sapeuting jeput, sajaba ti milu icikibung neuleuman tari di sanggar seni Wargi Saluyu Tasikmalaya. Kacintaan kana seni Sunda ngajurung Momon pikeun nuluykeun atikan di sakola anu luyu jeung karesep tur pangabisana, ku kituna, inyana milih nuluykeun sakola di Sekolah Menengah Karawitan Indonésia (SMKI) Bandung. Satutasna nyuprih pangaweruh di SMKI, Momon teu kungsi nganggur, inyana dihiras ngawulang di SMPN 2 Tasikmalaya.

Ngawulang Seni Sunda di Walanda 

Taun 1989, inyana meunang panggilan pikeun ngawulang seni Sunda di Walanda. "Salulusna ti SMKI téh teu kungsi nganggur, langsung dititah ngajar di SMPN 2 Tasikmalaya, nepi ka 1989 aya panggilan ngajar seni Sunda ka Walanda, nya alhamdulillah salila 2 taun ngajar di ngara deungeun," ceuk Momon, ngadongéngkeun dina acara wangkongan KONGRÉS sababaraha waktu kaliwat.

Momon nerangkeun nu diajarkeun di ditu téh rupa-rupa, ti mimiti pencak silat, gamelan, jeung rupa-rupa tarian. Sanggeus jejeg 2 taun di Walanda inyana meunang tawaran pikeun pindah kawarganagaraan, tapi Momon nolak, alatan dina salah sahiji persyaratanna sagala rupa anu geus diajarkeun ku inyana salila 2 taun kudu diaku jadi ciri has kabudayaan Walanda. Pikeun Momon, hal éta teu bisa ditawar sabab mangrupa harga diri pikeun bangsa jeung nagarana. Antunkna, Momon nolak kana tawaran ngaleupaskeun status Warga Negara Indonésia (WNI) kalawan balik deui ka lemah cai sanggeus pancénna anggeus. Sok sanajan, ceuk inyana, saupama ngudag réalistis matéri mah tangtu langkung betah di Walanda, tapi pikeun inyana kasenian jeung kabangsaan mangrupa harga diri nu utama.

Seni Tari di Tasikmalaya Kungsi Diharamkeun

Dina ngaleukeunan seni tari di Tasikmalaya, Momon kungsi disanghareupkeun jeung kaayaan nu kawilang beurat. Inyana nyaritakeun, taun 1973 seni tari kungsi diharamkeun ku Bupati Tasikmalaya. Ari nu ngalantarankeunna, aya kamungkinan bupati dina waktu harita salah dina nempo sajarah tari— ngan saukur maca sajarah tari ronggéng gunung nu dianggap patukang tonggong jeung ajén-ajén réligi. Dina taun 1979, Momon ngainisiatoran ngajak seniman tari séjénna pikeun ngagugat perkara haramna tari, nepi ka antukna marwah tari bisa balik deui ka asalna. Kajadian éta jadi motivasi pikeun Momon—némbongkeun yén seni tari lain ngan saukur igelan awak tapi seni nu mibanda ajén spiritual jeung kaéndahan.

Momon jeung anak didikna. Foto: Instagram @sekarmanis_

Konsistén dina Tari Tradisional 

"Tapi ayeuna sim kuring asa hanjakal deui waé, ningali perkembangan tari kiwari asa bébas teuing. Jadi lamun engké hiji mangsa tari aya nu nyarék deui, teu nutup kamungkinan. Jadi tari téh ulah ngan némbongkeun kaérotisan sabab tari mah ngabogaan tahapan-tahapan anu jelas," pokna.

Nu matak pikeun Momon, sakumaha rongkahna inovasi seni tari di zaman kiwari, inyana mah tetep milih dina wanda tari tradisional anu teu leupas papagon. Sanajan teu ngabibisani inyana nyebutkeun tari tradisional éléh payu ku tari kréasi.

Kiwari Momon masih produktif bareng jeung sanggar Sekar Manis nu diadegkeun ku inyana taun 2005. Sanajan geus pangsiun jadi abdi nagara, inyana ogé tetep méré pangajaran seni Sunda di sakola ngaliwatan ékstrakulikulér. Momon ogé kiwari mancén jadi Pupuhu Komite Tari Déwan Kesenian dan Kebudayaan Kota Tasikmalaya. ***



Catatan: Hanya anggota dari blog ini yang dapat mengirim komentar.