![]() |
| Damas Tasikmalaya, DKKKT, jeung Disporabudpar Kota Tasikmalaya. Potrét: kabarpriangan |
SUNDAPEDIA.ONLINE — Dina raraga miéling Word Art Day 2026, Daya Mahasiswa Sunda (Damas) Tasikmalaya gawé bareng jeung Komite Musik Déwan Kesenian dan Kebudayaan Kota Tasikmalaya (DKKKT) ngagelar kagiatan seminar dina jejer "Peran Musisi Tradisi dan Modérn dalam Meningkatkan Ékonomi Kréatif Tasikmalaya" di Gedung Creative Center (GCC), Dadaha, Rebo (15/4/2026).
Panyatur dina ieu seminar nyaéta Iik Setiawan jeung Éga Robot, dua seniman nu junun dina kasenian Sunda salila puluhan taun jeung wawakil ti Disporabudpar Kota Tasikmalaya. Ari pamilonna, kurang leuwih aya 150 urang anu didominasi ti komunitas sabudeureun Tasikmalaya.
Pupuhu Damas Tasikmalaya, Pépi M. Subagya negeskeun pentingna ngarobah cara pamikiran pikeun seniman sangkan teu saukur neundeun konsén dina makarya tapi ogé kudu nyiar tarékah dina ngaronjatkeun poténsi ékonomi.
"Réa seniman anu karyana luar biasa, tapi tacan optimal sacara ékonomi. Kami hayang ngajurung arinyana sangkan mampu jadi pangusaha dina séktor ékonomi kréatif," ceuk Pépi.
Inyana nyebutkeun, seniman kudu sanggup motékar dina sagala aspék, ti mimiti ménéjemén usaha, pamasaran, katut ngamanpaatkeun téknologi digital.
Pepi meunteun Tasikmalaya mibanda poténsi gedé dina séktor seni, boh tradisi atawa modérn. Poténsi éta, Ceuk Pépi, perelu dirojong ku ngawedelan sumber daya manusa, aksés pasar, jeung kolaborasi nu bisa méré dampak.
"Kami ogé ngarencana méré rohang pikeun palaku seni midangkeun karya, salah sahijina di kawasan Dadaha," pokna.
Salian ti seminar, ieu kagiatan dieusi ogé ku pamentasan seni jeung rampak kendang. Kantor Perwakilan Bank Indonésia Tasikmalaya ogé tumut méré édukasi program Cinta, Bangga, dan Paham (CBP) Rupiah pikeun ngaronjatkeun pamahaman palaku ékonomi kréatif. ***
