Tamu Agung: Mulangkeun Longsér ka Buruan

Bedah naskah Tamu Agung, di Gedong PCNU Kota Tasikmalaya sawatara waktu kaliwat. Potrét: Istiméwa

SUNDAPEDIA.ONLINE — Longsér, téater rahayat Parahyangan nu kiwari geus teu pati masif digarap. Malah sabagéan gedé nonoman kiwari meureun can ngalaman pisan lalajo drama imvropisatif ieu. Kiwari, longsér téh geus jadi Warisan Budaya Takbenta (WBTb).

Longsér Tamu Agung garapan sutradara Pongkir Wijaya bakal geura nepungan masarakat Tasikmalaya. Ieu paméntasan bakal jadi kalang sono pikeun saha waé nu ngabogaan panineungan kana korsi panglalajoan jeung jadi pangalaman anyar pikeun nu can kungsi lalajo langsung kumaha ari prak-prakanna paméntasan longsér. 

Paméntasan nu dialpukahan ku program Dana Indonésiana katégori Pendayagunaan Ruang Publik ieu bakal neukteuk jarak antara aktor jeung panonton. Sakumaha ilaharna longsér baheula, Tamu Agung bakal dipéntaskeun di lapangan.

Tamu Agung mangrupa naskah hasil adaptasi tina naskah klasik Rusia abad ka-19, Révizor (Inspéktur Jénderal) beunang Nikolai Gogol. Tamu Agung ieu ditulis ku Moch May Ramadhan.

"Dina ieu adaptasi, kalucuan jeung kahariwang para pajabat korup ngahaja diteumbragkeun jeung réalitas éksploitasi keusik di Tasikmalaya. Jadi keusik dina lakon ieu lain saukur latar artistik, tapi korban langsung tina birokrasi. Longsér ieu ngajak masarakat pikeun nyeungseurikeun absurditas panguasa, sakaligus miéling lingkungan urang nu keur tuluy dirogahala," ceuk May.

Pongkir Wijaya nembrakeun kaguligahna kana kondisi longsér dina sadarsawarsa katukang. Ceuk Pongkir, ieu kasenian laun-laun leungiteun rohang inklusif nu balukarna beuki anggang jeung masarakat. Daya lebur longsér, ceuk inyana, mimiti leungit lantaran format paméntasan nu kaku.

"Sajatining longsér téh buruan imah, tempat warga Tasikmalaya gogonjakan, ngarahuh, jeung ngeclakeun késang. Nu matak kami narik deui longsér kaluar ti gedong, dibawa deui kana taneuh jeung keusik, manunggal jeung rénghap warga," pokna.

Aktor-aktor nu bakal maridang dina ieu lakon daratang ti komunitas nu nyekel kadisiplinan luhur dina garapan seni—ngaliwatan kolaborasi nu wedel bakal juntrung paméntasan nu lain lumayan. Kitu deui nu ngurus artistik jeung musik. Panata artistik Aré Perkasih ngararancang aréa paméntasan nu nembrak di rohangan umum kalawan teu masang panggung prosénium konvénsional. Dijejegan ku musik nu bakal ngahijikeun instrumén tradisi jeung élemén sora-sora nu aya di sabeudeureun lokasi, kitu ceuk Érvan Éot nu bakal ngagarapna.

Ku kituna, geus katara yén ieu longsér moal anggeus dina hiburan wungkul, sabab pertéla aya misi kritik sosial nu seukeut, sajaba ti tarékah mulangkeun deui longsér kana taneuh, boh sacara harfiah jeung makanawi. Tamu Agung bakal negeskeun yén longsér masih hirup, malah ketug jajantungna bakal muru kana métrum nu saimbang. ***


Catatan: Hanya anggota dari blog ini yang dapat mengirim komentar.