Miéling Poé Bumi 2026 ku Ngarumat Hulu Cai: Jalan Pikeun Balik

Potrét: Dok. Humas Dewan Kesenian dan Kebudayaan Kota Tasikmalaya

SUNDAPEDIA.ONLINE — Miéling Poé Bumi 2026 di Kota Tasikmalaya lain deui saukur sérémoni taunan. Ngaliwatan acara Ngarumat Hulu Cai, masarakat diajak ngaweuhkeun kaguligah sakaligus kritik ngeunaan kondisi lingkungan nu tuluy dirogahala ku rupa-rupa cara, hususna di wilayah hulu nu jadi sumber kahirupan.

Fakta di lapangan némbongkeun turunna kualitas lingkungan; nguranganna tutupan végétasi, lemahna daya serap taneuh, jeung turunna debit hulu cai. Kondisi éta mangrupa alarm panggeuing nu kudu digugu, sabab nalika di hulu geus ruksak, mangka krisis di hilir tinggal nungguan waktu.

Karuhun Sunda geus ngawanti-wanti; gunung kudu awian, léngkob kudu balongan, lebak kudu sawahan—leuweung ruksak, cai béak, manusa balangsak. Ngan hanjakal dina waktu kiwari kasadaran éta éléh ku prakték pangwangunan nu teu maliré kana kondisi lingkungan.

Krisis Lingkungan jeung Tanggungjawab Pamaréntah 

Calagara meunteun yén ieu kondisi teu bisa leupas tina pasoalan tata-kelola. Alih pungsi lahan nu teu kasiwer, lemahna kawasan resapan, sarta can optimalna kawijakan jeung anggaran pikeun lingkungan némbongkeun pereluna évaluasi serius Pamaréntah Kota Tasikmalaya jeung DPRD. 

"Ieu krisis teu ujug-ujug lumangsung, ieu mangrupa akumulasi tina sikep nu teu maliré jeung lemahna komitmen. Lamun euweuh langkah teges, risiko krisis cai bakal jadi kanyataan nu pasti," teges calagara.

Dina kontéks ieu, masarakat ngajurung pamaréntah daérah sangkan teu ngan ukur hadir dina sérémoni, tapi nyokot léngkah nyata nu kaukur dina ngajaga wilayah hulu.


Ngarumat Hulu Cai, Gerakan Moral jeung Aksi Nyata

Ngarumat Hulu Cai lain saukur agénda budaya, tapi gerakan moral nu ngamanunggalkeun ajén spiritual, kaarifan lokal, jeung aksi nyata dina ngajaga hulu cai.

Ari rundayan kagiatanna, Ngarumat Hulu Cai téh dimimitian ku kirab budaya ngurilingan Kota Tasikmalaya, dunga jeung ritual Ngarumat Hulu Cai, beberesih kawasan hulu cai, ritual budaya melak, dipungkas paméntasan seni ti komite nu aya di Déwan Kesenian dan Kebudayaan Kota Tasikmalaya kalawan béntang tamu Ohang, Ogi Sos, Ari Sos, Oni Sos, Ki Daus, Aép Bancét, Aman, Amin, My Léa, Koh Ganjar, Mas Téko, jeung Novia Rozma.

Kagiatan baris dilaksanakeun di Gedong Cai, Gunung Kokosan, Kalurahan Cibunigeulis, Kacamatan Bungursari, Kota Tasikmalaya tanggal 26 April 2026.

Ngarumat Hulu Cai jadi pangéling yén ngajaga lingkungan lain saukur tanggungjawab masarakat, tapi ogé kawajiban nagara. Poé Bumi kudu jadi momentum parobahan, lain ngan saukur panggeuing simbolik. ***

Catatan: Hanya anggota dari blog ini yang dapat mengirim komentar.