![]() |
| Gubernur Jawa Barat Dédi Mulyadi jeung Dr. Bagus Muljadi. Potrét: Instagram @bagusmuljadi |
SUNDAPÉDIA — Padungdengan ngeunaan makna budaya Sunda mimiti haneut deui. Gubernur Jawa Barat, Dédi Mulyadi negeskeun yén Sunda lain ngan saukur mangrupa suku, tapi ogé ngawengku ajén linuhung, ideologi, jeung kaweruh nu kacida jembarna. Inyana nétélakeun ieu perkara basa dianjangan ku tim panalungtik nu keur mancén dina kajian kabudayaan Sunda, Kemis (9/4/2026).
Tepungna Dédi jeung tim panalungtik éta pikeun magunemkeun proyék gedé nyaéta nyusun énsiklopédia kabudayaan Sunda nu ngalibetkeun panalungtik ti Indonésia jeung Inggris sarta gawé bareng jeung Pamaréntah Provinsi Jawa Barat.
"Dulur-dulur Chronicles, kami jeung sababaraha panalungtik Indonésia ogé Inggris gawé bareng jeung Pémprov Jabar, jeung Kang Dédi Mulyadi, pikeun ngawentuk proyék Énsiklopédia Ki Sunda, énsiklopédia ngeunaan pamikiran, buah karya tina kabudayaan Sunda," ceuk Dr. Bagus Muljadi, Assistant Proféssor University of Nottingham.
"Ayeuna cuang pénta kamandang Kang Dédi, kira-kira aspirasi ka hareupna siga kumaha?" tanya Bagus ka Dédi.
Ngeunaan éta, Dédi nyebutkeun yén salila ieu Sunda sok dikerdilkeun ku dianggap ngan mangrupa hiji suku, nu padahal mibanda diménsi nu leuwih jauh jeung jembar.
"Aspirasina nyaéta yén Sunda kan salila ieu ngan dianggap mangrupa suku, teu dianggap mangrupa ajén, ideologi, jeung sumber kaweruh," ceuk Dédi.
Dédi tuluy nétélakeun yén proyék énsiklopédia éta dipiharep bisa jadi rawayan pamahaman pikeun generasi nu bakal datang ngeunaan warisan karuhun Sunda nu mangrupa sistem pangaweruh nu weuteuh.
"Tah énsiklopédia ieu méré jawaban keur generasi ka hareup yén karuhun maranéhna téh nyaéta manusa nu luhung ku kaweruh nu bisa diturunkeun jadi ajén filosofi, jadi ajén ideologi, jadi ajén téknokrasi," ceuk Dédi nuluykeun.
Ceuk inyana, hubungan antara filosofi, ideologi, jeung téknokrasi teu bisa dipisahkeun tina akar kabudayaan.
"Ieu nu bakal ku urang diudag ka hareup, lantaran moal kungsi aya téknokrasi lamun euweuh filosofi, moal aya filosofi lamun euweuh ideologi, moal aya ideologi lamun euweuh kabudayaan," pokna.
Bagus Muljadi nerangkeun, hasil kajian éta bakal diterjemahkeun kana basa Inggris kalawan baris disebarkeun ka tingkat internasional.
Nepi ka danget ieu, Énsiklopédia Ki Sunda nu disusun ku tim panalungtik geus juntrung 3 jilid 1500 kaca. Tim anu nulis éta buku nyaéta Dr. Bagus Muljadi, Dr. Aditia Gunawan, Dr. Hazmirullah, Dr. Luthfi Adam, Dr. Munawar Holil, Dr. Gani Ahmad Jaélani, Prof. Dr. Jajang A. Rohmana, Atép Kurnia, S.Hum, Dr. Adilan Widyawan Mahdiyasa jeung Salsabila, S.H.Int.
