Bale Kota Tasikmalaya. Potret: Acep Cacang
SUNDAPEDIA.ONLINE – Walikota tasikmalaya Viman Alfarizi Ramadhan, S.T., M.BA ngistrénan Déwan Kasenian dan Kebudayaan Kota Tasikmalaya (DKKKT) di Balé Kota Tasikmalaya, Rebo (31/12/2025).
Dina biantarana, Viman nepikeun pangwilujeng ka pupuhu jeung sakabéh pangurus anu anyar meunang pancén salila 5 taun ka hareup.
Pupuhu DKKKT Tatang Supriatna Sumpena, S.Sn nénéhna Tatang Pahat, nyebutkeun mimpin DKKKT téh mangrupa tanggungjawab nu gedé.
"Harepan simkuring pikeun Déwan Kesenian dan Kebudayaan Kota Tasikmalaya 2025-2030 mugia leuwih nanjeur, ogé para pangurus nu mancén na sing sauyunan jeung rancagé gawé dina ngajalankeun amanah," ceuk Tatang Pahat. *** (acép cacang)

Posting Komentar