![]() |
| Ilustrasi carpon Mantuan Dagang. Potrét: Artificial Intelegence (AI) |
“Kamari ka mana?” tanya kuring ka Téti.
“Mantosan icalan Mamah,” jawabna.
“Tukang dagang kitu Mamah?” kuring karék apal.
“Uhun,” Téti unggeuk.
“Ayeuna mah warung téh dug-deg di mana-mana,” ceuk kuring.
“Icalanna di pasar,” pokna.
Kuring nyangka Emana dagang di warung.
“Oh kitu, dagang naon?” tanya kuring.
“Sagala rupi,” pokna.
Kurunyung Pa Aép nyampeurkeun.
“Téti, geus siap jadi pembawa acara?” tanya éta guru PAI.
“Atos Pa,” jawabna.
“Latihan sakali deui!” ajakna.
“Mangga,” jawabna.
Saditinggalkeun ku Téti, kuring ngahuleng. Pikiran bet mulang ka puluhan taun ka tukang. Téti lahir dina taun 2015. Dina éta taun, pikeun kuring jadi taun kanalangsaan. Ema maot dina wanci subuh di hiji rumah sakit swasta. Teu karasa ari waktu, geus sapuluh taun leuwih. Nincak ka 11 taun. Saumur Téti anu ayeuna geus kelas 4 seméster genap. Téti mah lahir bulan Oktober, sedengkeun Ema kuring maot dina bulan Novémber tanggal 27. Samangsa hirupna, Ema boga pacabakan kana dagang di pasar anu geus ditaratas ti jaman kuring can gubrag ka alam dunya.
“Mikiran naon Pa Héri kanjat ka uleng kitu?” tanya Pa Luki.
“Ah, henteu,” kuring maksakeun imut.
Poé ieu poé Saptu, di sakola diayakeun acara miéling Isro Mi’roj atawa Rajaban. Barudak maraké busana muslim, kitu deui para guru.
“Pa Héri, siap mingpin do’a?” tanya Pa Aép.
“Siap,” jawab kuring.
Nungguan acara dimimitian, kuring masih diuk dina korsi bari ngahuleng deui. Gara-gara guneman jeung Téti tadi, kahudang pangalaman samangsa Ema masih aya kénéh di alam dunya. Saban poé Ahad, kuring milu ka pasar jeung Ema. Inditna tas solat Subuh. Atuh peutingna kudu buru-buru saré ngarah teu kabeurangan hudangna. Ti imah ka pasar lumayan jauh, ngetepluk leumpang. Teu bisa langsung kana ojég lantaran jauh ka jalan. Hayang tepi ka jalan aspal kudu leumpang heula meunang sababaraha méter, nepikeun ka tepi ka hareupeun toko matrial. Terus wé leumpang nepikeun ka anjog ka pasar sabab teu jauh ti toko matrial ayana pasar téh. Di pasar, mimitina mah kuring tara mantuan Ema laladang. Nenempokeun Ema laladang, nu meulina lumayan loba. Bari ngaladangan nu meuli, Ema mah ngajak ngobrol ka anu meuli, jadi loma, nambahan kawawuahan sahingga jumlah palanggan nambahan. Hayang jajan ku Ema diturutkeun. Pangresepna jajan sorabi haneut nu aya omcoman jeung goréngan témpé. Nginumna cai entéh anu sarua haneut jeung rada keset. Didahar dina mangsa isuk-isuk, aya ku nikmat. Babaturan dagang Ema pada ngarupah. Aya anu ngupah dahareun, duit, jeung cocooan. Beuki resep milu ka pasar. Saban poé Ahad jeung poé peré lianna, kuring milu ka pasar. Ti lembur, ngan Ema kuring anu dagang di pasar. Di lembur aya tukang dagang, tapi dagangna ku cara ngawarung. Ari anu didagangkeun ku Ema nyaéta sambara saperti bawang beureum, bawang bodas, cikur, asem, katuncar, muncang, sodah, pijer, pedes, jeung gula beureum.
“Hayu ka rohangan acara!” ceuk Kapala Sakola ngagareuwahkeun kuring.
Mimitina Ema dagang dina bangku, némpél deukeut kios Bu Témpé anu ngajual tahu, témpé jeung togé. Teuing saha ngaranna mah, ngan nelah éta anu dagang téh Bu Témpé pedah sohor tukang témpé di éta pasar. Loba anu dagang témpé, tapi éta kios pangkajojona. Lila-lila Ema boga kios sorangan. Kios anu ngajual alat tulis anu aya hareupeun kios Bu Témpé dijual. Ku Ema langsung dibeuli. Sedengkeun kurut Ema dagang mah euweuh anu nempatan deui.
“Beulah mana Tét, Ema dagang téh?” tanya kuring.
“Blok B,” jawabna.
Sarua atuh. Baheula Ema kuring dagang di blok B. Bari nginget-nginget anu dagang di lebah dinya. Kuring teu ukur milu jeung jajan wungkul, lila-lila mah milu laladang sanggeus Ema boga kios. Tempatna jadi lega, bisa gogoléhéan dimana tunduh. Dagangan Ema beuki loba. Anu tadina ukur ngajual sambara anu diruntuy, ditambahan ku anu di-ons jeung kiloan. Nu meuli beuki loba dimana bulan puasa jeung nyampeuk lebaran. Panghasilan Ema beuki nambahan, palanggan beuki ngalobaan. Tina mantuan dagang, kuring jadi meraktékeun Matématika. Dina ngaladangan moal jauh tina tambah, kurang, kali jeung bagi. Ema mah aya ku hébat, bisa ngitung gancang jeung bener tapi teu dikotrét, jajauheun maké kalkulator. Nu mareuli maruji kana kadaék kuring. Resep gening dagang téh. Ema jeung Bapa kurang panuju kuring jadi tukang dagang dimana geus sawawa. Kalah nitah kuring kuliah di keguruan. Mending jadi pagawé negeri cenah batan tukang dagang. Alesanna, ari dagang mah sakapeung payu, sakapeung tiiseun. Saban pagawéan aya kaleuwih masing-masing.
“Acara urang mimitian, geus tabuh 8,” ceuk guru PAI.
Kios kurut Ema dijual ka tatangga. Dua lanceuk kuring euweuh anu jadi padagang. Duanana dibarawa ku salakina ka kota gedé. Tadina éta kios moal dijual, hayang diteruskeun ku kuring jeung pamajikan. Sabuat kuring ngajar mah, rék sina ku pamajikan anu dagangna, tapi pamajikan mugen embungeun. Antukna mah dijual ka tatangga anu hayang boga kios ti baheula. Éta kios neundeun loba panineungan hususna pikeun kuring. Matak ari ka pasar, heug liwat ka lebah dinya, haté tingsérédét. Henteu ari nepikeun ka ceurik mah. Tina dagang, Ema bisa nyakolakeun kuring nepikeun ka kuliah, lulus, jeung jadi pagawé negeri. Karék ogé Ema bungah boga budak anu jadi pagawé negeri, Ema mungkas lalakon hirup di alam dunya. Loba anu kaleungiteun. Saacan maot, Ema gering heula sakeudeung. Nyebutna mah rieut, dikedengkeun sakeudeung, maot ahirna. Kituna mah teu nyusahkeun, teu matak hariwang ngan asa dirawu heulang. Saacan maot kaboro mungkusan dagangan jeung gégéroh. Teu aya kila-kila kana bakal téréh tilar dunya. Kasedih kuring ku ditinggalkeun maot ku Ema masih karasa.
Balik Rajaban Téti tuluy ka pasar. Kuring milu. Téti diboncéng ku kuring.
“Pa, kumaha upami ka wétan jalan lebet ka pasarna?” tanyana.
Kuring panuju. Liwat ka girang jalan mah kana bakal ngaliwatan kios anu geus dijual ka tatangga téa. Ayana éta kios di tengah-tengah blok B. Kuring rék balanja ka kios bogana kolot Téti.
“Ieu Pa kiosna,” ceuk Téti.
Beu, aya ku loba nu meuli. Nuduhkeun loba palanggan jeung daganganna kumplit. Kios anu aya gigireunna saeutik anu meuli.
“Mah, Pa Guru badé balanja,” ceuk Téti.
“Mana?” tanyana.
Kuring imut.
Pantes loba anu meuli, lian daganganna euyeub, nu dagangna soméah pisan. Kawas Ema nalika masih aya di kieuna. Ka anu maruli teu weléh soméah, sanajan ka anu anyar pinanggih. Kuring ngobrol sakeudeung jeung kolotna. Téti milu ngaladangan. Pinteran ngitungna, teu maké kalkulator ogé gening bener ngitungna. Ras inget ka wali kelasna anu nyaritakeun yén Téti mah célakan kana ngitungna. Rét mata kuring ka beulah girang. Haté nyérédét. Bruh-bréh pangalaman milu ka pasar, pangalaman milu mantuan dagang narémbongan hiji-hiji. Kios Bu Témpé mah aya kénéh. Sarua manéhna kaleungitan ku Ema. Teu pedah jalma beunghar, Bu Témpé mah akuan pisan, ka Ema kawas ka barayana. Aya naon waé méréan. Aya acara remen ngulem. ***
Hérmana, S.Pd.I pituin urang Ciamis nu pagawéanna ngawulang jeung nulis. Réa meunang préstasi ti taun 1999 utamana dina gelaran Musabaqoh Tilawati Qur'an, taun 2025 nyangking Kabar Priangan Award katégori Penulis Paling Produktif. Tulisanna kungsi dimuat di Manglé, Galura, Sunda Midang, Ganésha, Bina Dawah, Tribun Jabar, jeung réa-réa deui.
