![]() |
| Prosési Ngarumat Hulu Cai. Foto: newstasikmalaya.com |
TASIKMALAYA — Ngarumat Hulu Cai dina raraga miéling Poé Bumi alpukah Déwan Kesenian dan Kebudayaan Kota Tasikmalaya (DKKKT) nu digelar di Gunung Kokosan, Cibunigeulis, Kacamatan Bungursari, Kota Tasikmalaya, Rebo (22/4/2026) lumangsung lancar.
Ais pangampih jeung rahayat katémbong layeut, panggung pintonan jeung nu lalajo ogé karasa adek. Ratusan masarakat Tasikmalaya, pangpangna nu ti sabudeureun Bungursari tamplok minuhan tempat lumangsungna acara.
Rundayan Kagiatan
Acara dimimitian ku konvoi pamilon, para pajabat, jeung béntang tamu ti Seniman Sunda Bangkit (SSB) ngurilingan Kota Tasikmalaya, sakira jam 10.00 anjog di Situ Gedé, acara dituluykeun ku paguneman jeung botram. Sanggeus meuntas tengah poé, pamilon konvoi muru balé kota, 13.30 laju ka lokasi acara di Cibunigeulis.
Acara inti nyaéta Ngarumat Hulu Cai lumangsung sakira jam 14.00, dituluykeun ku ritual budaya melak 10.000 tangkal sacara simbolis, maju ka soré acara dipungkas ku pintonan seni Sunda jeung botram sakum masarakat nu hadir.
Ari peutingna, acara téh dibuka ku pintonan debus téatrikal jeung sajak ku pupuhu DKKKT Tatang Pahat, aya ogé pintonan ti 7 komite kalawan dipungkas ku para seniman ti SSB nyaéta Oni Sos, Ogi Sos, Ari Sos, Anton Abox, Ki Daus, Aép Bancét, Aman, Amin, Koh Ganjar, jeung Mas Téko.
Pentingna Hulu Cai
Tatang Pahat nétélakeun ieu kagiatan ngahaja digelar di sabudeureun hulu cai sangkan naon nu ditepikeun karasa leuwih keuna.
"Kami téh nempo yén karuksakan alam kiwari balukar tina polah-polah manusa: alih pungsi lahan, runtah, kaasup éksploitasi nu kaleuleuwihi. DKKKT miharep masarakat ngabogaan ideu jeung tarékah nu mandiri dina ngajaga alam, teu kudu nungguan pamaréntah," ceuk Tatang.
Wakil Wali Kota Tasikmalaya Diky Candra Negara nu ngaluuhan ieu acara negeskeun Ngarumat Hulu Cai lain saukur sérémonial tapi tarékah ngaronjatkeun kasadaran masarakat dina ngajaga alam.
"Ngaliwatan Ngarumat Hulu Cai urang sararéa diingetan sangkan tong kendat dina miara alam jeung lingkungan, lantaran ka hareup mah alam nu bakal ngajaga urang, utamana nu pakait jeung pasokan cai beresih," ceuk Diky.
Sajalan jeung Diky, Wakil Bupati Tasikmalaya Asép Sopari Al-Ayubi negeskeun kalestarian lingkungan teu bisa dipigawé sacara parsial tapi butuh kasadaran jeung gawé bareng.
"Ieu kagiatan jadi simbul komitmen urang sararéa dina ngajaga lingkungan, konsen utamana ngajaga hulu cai nu ngabogaan peran vital pikeun kahirupan urang," ceuk Asép.
Rencanana, Ngarumat Hulu Cai bakal jadi agénda taunan DKKKT, ti taun ka taun bakal digelar di tiap kacamatan nu ngabogaan hulu cai. ***
