SUNDAPEDIA.ONLINE — Pamaréntah Provinsi Jawa Barat dina tanggal 2-17 Méi 2026 bakal ngagelar Milangkala Tatar Sunda. Acarana mangrupa Kirab Budaya Tatar Sunda nu dijejeran "Napak Tilas Padjajaran".
Napak Tilas Padjajaran dumasar kana tapak lacak kajayaan tatar Sunda baheula. Rundayan acara nu baris dilaksanakeun nyaéta ziarah ka situs-situs nu mibanda ajén sajarah, prosési nyokot Mahkota Binokasih, jeung kirab lintas wilayah Tatar Sunda.
Rute jeung Jadwal Kirab Budaya "Napak Tilas Padjajaran"
Binokasih Mulang Salaka, Saptu, 2 Méi 2026 jam 19.30 ti Karaton Sumedang Larang nepi ka Pémda Kabupatén Sumedang, jarakna 3 kilométer.
Kawali Mulang ka Diri, Minggu, 3 Méi 2026 jam 18.30 ti Alun-alun Kawali nepi ka Astana Gedé Kawali, jarakna 1,4 kilométer.
Kampung Naga Mapag Bagja, Senén 4 Méi 2026 jam 18.30 ti Polsék Salawu nepi ka Kampung Naga, jarakna 5,4 kilométer.
Kirab Budaya Cianjur, Salasa 5 Méi 2026 jam 18.30 ti Taman Prawatasari nepi ka Pendopo Cianjur, jarakna 3,6 kilométer.
Kirab Budaya Bogor, Rebo 6 Méi 2026 jam 18.30 ti Museum Pajajaran nepi ka Kebun Raya Bogor, jarakna 3,1 kilométer.
Kirab Budaya Dépok, Jumaah 8 Méi 2026 jam 18.30 ti Lapangan Bola RRI nepi ka Museum Rumah Cimanggis, jarakna 750 méter.
Kirab Budaya Karawang, Saptu 9 Méi 2026 jam 18.30 ti SDN Pulo Kalapa II nepi ka Makam Syékh Quro, jarakna 1,6 kilométer.
Kirab Budaya Cirebon, Minggu 10 Méi 2026 jam 18.30 ti Balé Jaya Déwata nepi ka Alun-alun Sangkala Buana, jarakna 4,3 kilométer.
Puncak Kirab Budaya di Kota Bandung, Saptu 16 Méi 2026 jam 18.30 ti Monumén Perjuangan, Jalan Dipatiukur, Jalan Diponegoro, Jalan Cimandiri, nepi ka Gedong Saté.
Rundayan Milangkala Tatar Sunda dipungkas ku Peuting Munggaran Milangkala Tatar Sunda, di Parkir Barat Gedong Saté, Minggu 17 Méi 2026 jam 20.00 nepi ka tengah peuting. Acara mangrupa panggung seni kolosal nu jadi réfléksi sajarah, ajén-ajén luhur, jeung kajayaan paradaban Sunda Pajajaran. Pangeusi acara utama nyaéta Sudjiwo Téjo jeung Tri Utami.
Numutkeun Humas Jabar, rute kirab nu ditangtukeun sawaktu-waktu bisa waé robah alatan kondisi cuaca, situasi lapangan, jeung pertimbangan téknis di satiap wilayah.
