![]() |
| Lokakarya Ngabakoan Terbang. Potrét: Acép Cacang |
SUNDAPEDIA.ONLINE – Lokakarya Ngabakoan Terbang digelar di GOR PGRI, Kacamatan Tanjungjaya, Kabupatén Tasikmalaya, Saptu (18/4/2026).
Gelaran lokakarya ieu dialpukahan ku Dana Indonésiana kalawan hasil gawé bareng jeung Kampung Naga ogé dirojong ku IKIP Siliwangi.
Tujuan ieu kagiatan taya lian pikeun ngawanohkeun kasenian Sunda buhun Terebang Gembrung anu numutkeun sajarah mah asalna ti wewengkon Tasikmalaya.
Salah sahiji acara inti dina lokakarya ieu nyaéta gunem catur anu narasumberna Ijad, maéstro terbang Ki Obing, Ijad tokoh ti Kampung Naga, ogé seniman Sunda Ahmad Grég.
Hadir dina ieu acara Kepala Dinas Pendidikan dan Kebudayaan Kabupatén Tasikmalaya, dina biantarana inyana ngawilujengkeun kana digelarna ieu acara.
"Harepan sim kuring pikeun kasenian Sunda husuna terbang gembrung mugia leuwih nanjeur tur teu leungiteun nu miarana, sabab ieu kasenian téh tétéla mangrupa asét penting nu dipibanda ku KabupaténTasikmalaya.
Puluhan masarakat utamana para nonoman antusias hadir dina ieu acara, némbongkeun yén kasenian terbang masih dipigandrung. *** (acép cacang)
