Miéling Hari Amal Bakti, Kanwil Kemenag Jabar Nabeuh Wayang Golék

Ki Dalang Bhatara Séna Sunandar Sunarya. Potrét: AJI-NU-MOTO


SUNDAPEDIA.ONLINE – Dina raraga Miéling Hari Amal Bakti (HAB) anu ka-80, Kantor Wilayah Kementerian Agama Jawa Barat baris ngagelar rupa-rupa kagiatan nu dipuseurkeun di Kota Tasikmalaya, perenahna di sabudeureun Alun-alun Dadaha, Juma'ah (19/12/2025).

Kagiatan nu baris dilaksanakeun mangrupa pagelaran wayang golék Ki Dalang Bhatara Séna Sunandar Sunarya ti Sabda Palon Giri Harja Bandung minangka béntang tamu, pasanggiri olahraga, jeung fun walk kerukunan nu digelar di GOR Sukapura, GOR GGM, jeung Gedong Creative Center (GCC).

Pupuhu Kanwil Kemenag Jawa Barat H. Dudu Rohman S.Ag., M.Si nétélakeun, dina poé nu kadua, digelar kagiatan nu bakal dihadiran ku 10.000 jelema nu tempatna di Masjid Agung Kota Tasikmalaya nepi ka Alun-alun Dadaha.

"Harepan simkuring ku digelarna ieu acara bisa leuwih ngaraketkeun deui sababaraha golongan pikeun jadi tuturus kamajuan nagara Indonésia ku cara nu leuwih hadé tur aman" ceuk Dudu, Juma'ah (19/12/2025). *** (acép cacang)

Post a Comment

Lebih baru Lebih lama