SUNDAPEDIA.ONLINE – Dina raraga mapag taun anyar 2026, Komunitas Cermin Tasikmalaya ngagelar calagara Festival Seni Akhir Tahun SYUKUR WAKTU 14 di puseur kota tasikmalaya, Rebo (31/12/2025).
Kagiatan nu baris dilaksanakeun aya sababaraha rupa seni musik, ti mimiti musik tradisional, musik moderen jeung musik kontemporer, anu di gelar di dua panggung beurang jeung peuting.
Aya oge seni seni nu sejen na anu di gelar dina sawaktu harita nyaeta seni lukis, seni sastra jeung sajabana, dina panungtungan acara na di tutup ku du'a bareng anu di pingpin ku wakil walikota tasikmalaya R.H.Dicky Chandranegara jeung rengrengan na.
"Alhamdulillah Ku Digelarna Ieu Acara Anu Di Pupuhuan Ku Kang Achong Mugia Seniman Oge Budayawan Kota Tasikmalaya Bisa Leuwih Sumanget Deui Dina Makarya Na,Oge Dina Taun Anyar 2026 Ayeuna Sagala Du'a Jeung Harepan Mugia Di Kabul Ku Allah SWT Aamiin" ceuk Dicky, Rebo Peuting (31/12/2025). *** (acép cacang)

Posting Komentar