Sakotrét Catetan Gentra Loka Vol 4: Story Show Karinding Sadulur feat Man Jasad

Story Show Karinding Sadulur feat Man Jasad, Sabtu (23/5/2026) di Kopi Siloka 2 Kota Tasikmalaya. Potrét: sundapedia/Arini

SUNDAPEDIA.ONLINE — Komite Budaya Déwan Kesenian dan Kebudayaan Kota Tasikmalaya (DKKKT) teu kendat nyieun tarékah dina ngahirupkeun rohang publik kasenian di Tasikmalaya. Ngaliwatan program bulanan nu maneuh, Gentra Loka jadi simpay nu meungkeut émosional kahadéan antara individu, kelompok seni, jeung masarakat.

Gentra Loka Vol 4, nu digelar poé Saptu, 23 Méi 2026 di Kopi Siloka 2 Indihiang, suksés jadi panglawungan masarakat nu micinta seni Sunda khususna karinding. Ratusan nonoman tamplok minuhan lokasi Story Show Karinding Sadulur feat Man Jasad.

Karinding Sadulur jadi béntang panggung dina Gentra Loka Vol 4. Dibarengan ku musisi sakaligus budayawan Man Jasad, minton kalawan épik peuting éta.

Ketua Komite Budaya DKKKT Cévi Whiésa nerangkeun, Karinding Sadulur payus dibéré panggung ékslusif—copélna rohang aprésiasi pikeun lalampahan panjangna dina ngamumulé karinding.

"Karinding Sadulur istikomah welasan taun ngajaga rénghap seni tradisional Sunda di ieu wewengkon, jasana ngalahirkeun welasan kelompok seni karinding payus pisan meunang aprésiasi," ceuk Cévi di lokasi acara.

Wakil Wali Kota Tasikmalaya Diky Candra Negara nu ngaluuhan éta acara neundeun aprésiasi nu luhur keur DKKKT katut Karinding Sadulur. Diky nyebutkeun para nonoman perelu akrab jeung rohang-rohang kasenian tradisi.

"Komite Budaya DKKT tuluy némbongkeun komitmenna pikeun nyadiaan rohang interaktif édukatif jiga kieu. Pikeun kasenian tradisi, Gentra Loka mangrupa formulasi anu nyata," pokna.

Sababaraha kagiatan dilaksanakeun dina Gentra Loka Vol 4—workshop waditra karinding, lalajo film dokuménter karinding, coaching klinik, jeung spésial show Karinding Sadulur dibarengan ku Man Jasad.

Pupuhu calagara Mukshy Arafah Sugandi ngajelaskeun, Gentra Loka Vol 4 disiapkeun kalawan asak. Inyana nyebutkeun saban nyieun kagiatan, Komite Budaya ngutamakeun dampak positif.

"Kami hayang méré dampak positif anu nyata, anu karasa ku saban aprésiator nu milu aub dina Gentra Loka. Alhamdulillah, késang panitia juntrung jadi muara énérgi positif peuting ieu. Nu leuwih penting, mangpaat nu bisa jadi kakarén bawaeun balik," ceuk Mukshy.

Puluhan nonoman lintas komunitas jeung universitas katémbong layeut jadi pamilon workshop waditra karinding, dua jam pinuh maranéhna dideudeul kaweruh ngeunaan karinding—ti mimiti sajarah, cara nyieun, jeung sajabana.

Acara dituluykeun kapeutingnakeun ku lalajo bareng film dokuménter Karinding Sadulur karya mahasiswa Universitas Siliwangi (Unsil), gunem catur tilu tunggul Karinding Sadulur, Man Jasad, jeung Cévi Whiésa ngabahas karinding jeung rélevansi zaman, acara dipungkas ku pintonan kolaborasi Karinding Sadulur jeung Man Jasad.

Catatan: Hanya anggota dari blog ini yang dapat mengirim komentar.