![]() |
| Ilustrasi: Pinterest |
GIRIMIS NA BIWIR PEUTING
Girimis na biwir peuting
Nganteur panon poé ngampih
Nutup layung luhur gunung
Ku méga hideung ngagantung
Girimis na biwir peuting
Maturan pikir ngalanglang
Ngalangkang anjeun nu anggang
Ku léngkah tacan kadongkang
Girimis na biwir peuting
Maseuhan tangkal katresna
Nyébor kembang kaheman
Awor jeung hiliiwir angin kasono
Girimis na biwir peuting
Mawa harepan sampeureun
Dua haté urang hijikeun
Satia satuhu urang paheutkeun
Ulah pegat nepi ka nyawa paragat
TAFAKUR
Lebur pikir dina dzikir
Nelekkeun ciptaan Gusti
Ngambah alam upluk aplak
Nu hamo bisa ka jorag
Rét ningal raga satangtung
Paparin nu Maha Agung
Sampurna bari teu menta
Dina cicing jeung usikna
Hirup lain kahayang
Umur teu nyaho dimangsa
Lain hirup nu bakal ditakon
Tapi dipaké naon salila ngalalakon
Suka sedih nu karandapan
Bahan ujian disanghareupan
Naha syukur jeung sabarna
Atawa takabur jeung aralna
Nyata iman nu mawa panceg
Kukuh pengkuh pamadegan
Hamo ngijing sila béngkok sembah
Mung ka Gusti pasrah sumerah
Bray muka kasadaran
Diri pinuh karumasaan
Teu daya teu upaya
Anging ku kersaning MantenNa
PEUTING
Peuting téh panggeuing
Nyaringkeun ati jeung pikir
Munajat neda ka Gusti
Leupas rupa dosa diri
Peuting téh janji pasini
Nu pasti baris ngajadi
Keur nu ménta bari ngageuri
Sugri urusan nu dipamrih
Peuting teh pépéling
Jemplingna jadi pangaping
Baseuhan biwir ku dzikir
Rembes cimata jumerit ati
Peuting téh paranti
Sumolondo ka nu Maha Suci
Dépe-dépé sumerah diri
Rumasa leuir gumati
Jauh bakti ka Illahi
Laku lampah teu taliti
Malah dunya dipupusti
Pangkat darajat dianti-anti
Lali umur ditunggu pati
JALAN KAHIRUPAN
Leumpang dina katangtuan
Geusan mapay jalan sorangeun
Ngarandeg léngkah teu kebat
Rét ka tukang ting sérédét
Inggis terus kalalanjoan
Hirup ditalikung nafsu
Pikir jauh tina dzikir
Ngumbar kahayang saliwat
Neuteup ka hareup asa longkewang
Jalan téh can tangtu panjang
Sieun lampah kadungsang-dungsang
Nyéréd ka jurang kacilakaan
Pituduh Gusti nu nyaangan
Ngambah sésa pangumbaraan
Naratas ngomean léngkah
Miceun rereged nu mawa beurat
Bari teu leupas ku peredihan
Dina pungkasna lalampahan
Dina réghap nu panungtungan
Parinan ahir kamulyaan
KEUR SI ÉTA
Nyérangkeun di kaanggangan
Naha aya rasa melang
Sieun anjeun kagémbang
Ku jajaka anu tandang
Ayeuna anjeun miang
Duka iraha deui patepang
Ningal ukur dina lamunan
Réngkak paripolah nu kabayang
Padahal kuring gé surti
Diri lain nu dipilih
Haté anjeun geus dipatri
Hiji ngaran anu pasti
Harepan ukur harepan
Nu biheung teuing kasorang
Ngan tetep kuring ngado'a
Mugi anjeun pinanggih bagja
