AMANAT GALUNGGUNG; JAGA KABUYUTAN !!!
Ku: Taofik Al Rakhman
PROLOH; Naskah Amanat Galunggung
Amanat Galunggung mangrupakeun amanat ti Prabu Guru Darmasiksa (Raja Sunda-Galuh, marèntah antara taun 1175 tepi ka 1297). Ieu amanat dicatet natrat dina Naskah Ciburuy (Koropak No.632). Rékaman sajarah penting bagéan tina khazanah kakayaan genus budaya lokal (Sunda).
Tiap situs, manuskrip atawa artéfak (titilar) sajarah mangrupakeun rékaman kajadian mangsa bihari, nu mudu digali pibekeleun kiwari. Komo umpama dina éta titilar aya kandungan pesen nu ngahaja ditalatahkeun sampeureun generasi salajuna. Tinangtu kudu dicukcruk, dititénan, ditalungtik, digali deui. Geusan kategrep naon nu jadi inti pesen ti nu jadi tunggul sajarah.
Ieu 'ihtiar panyukcrukan' sahenteuna mibanda dua paédah:
Kahiji, pikeun bisa mikawanoh ciri idéntitas bangsa anu kuat. Patalina reujeung sistim niléy; ajén-inajén katut pamadegan hirup (way of life) di hiji masarakat.
Kadua, sangkan éta niléy-niléy penting téh bisa divisualisasi, dièlaborasi tur ditransformasikeun deui (saba'da dipilih tur dipilah) dina rohang hirup-kumbuh mangsa kiwari. Sahingga bisa jadi tanda-cirén oténtik hiji éntitas kabudayaan. Anu dina hal ieu tegesna; Sunda.
.
.
DIALOH; Saha Prabu Guru Darmasiksa jeung Naon Amanatna?
.
Prabu Guru Darmasiksa, raja di karajaan Saunggalah I (Kuningan ayeuna, tegesna di Désa Cihérang, Kacamatan Kadugedé), tuluy dipindahkeun ka Saunggalah II (Tasikmalaya ayeuna, tegesna di daérah Mangunreja, handapeun Gunung Galunggung). Ngawasa ti taun 1175 tika 1297 M (122 taun). Kaluhungan Prabu Guru Darmasiksa teu leupas tina linuhungna rundayan luluhur anjeunna. Ieu putra Rahyang Sempakwaja (nu kawasa di Galunggung), numutkeun naskah kuna "Pustaka Pararatwan I Bhumi Jawadwipa", silsilahna nyambung tepi ka Resiguru Demunawan, rakana Purbasora (Raja Galuh 716-732M).
Saunggalah I dipasrahkeun ka putrana Prabu Purana. Sementara satuluyna Saunggalah II ogé dipasrahkeun ka putrana nu lian; Prabu Ragasuci. Laju Prabuguru Darmasiksa diangkat jadi Raja di Karajaan Sunda (nu puseurna di Pakuan) dugi ka dipundut ku nu Rahayu.
Prabuguru Darmasiksa kawéntar sakaitan reujeung hiji manuskrip kuna (Naskah Ciburuy), anu sok disebut "Amanat Ti Galunggung". Mangrupa 6 lembar daun nipah. Di jerona pepek ku pangwejang jeung peupeujeuh (panitah jeung panyaram). Ngandung saniskara niléy-niléy luhung; sistim-étik, visi hirup, katut papagon hurip.
Aya rupa-rupa widang kahirupan nu kawengku dina éta amanat. Tapi dina ieu kotrétan, deuk khusus nyorot perkara anu patalina jeung kabuyutan wungkul.
Dina halaman 3, dituliskeun kieu unina:
"lamun miprangkeuna kabuyutan na Galunggung, a(n)tuk na kabuyutan, awak urang na kabuyutan, nu leuwih diparaspadé, pahi deung na Galunggung, jaga beunangna kabuyutan ku Jawa, ku Baluk, ku Cina, ku Lampung, ku sakalian, muliyana kulit lasun di jaryan, madan na rajaputra, antukna boning ku sakalaih.
[Umpama kajadian perang, (parebut) kabuyutan di Galunggung, kudu (panceg ngajaga mertahankeun) di kabuyutan. Nu leuwih (hésé dipertahankeun), dibebenah. Kabéh (luyu) jeung nu di Galunggung. Jagaan ulah tika beunang ku Jawa, ku Baluk, ku Cina, ku Lampung, ku nu lian-lianna. Leuwih mulya kulit careuh di jarian batan rajaputra (bangsawan nu teu bisa mertahankeun kabuyutan), nu ahirna beunang (direbut) ku batur.]
Taneuh kabuyutan hartina lemah-cai. Tanah sarakan kacinta. Wewengkon tempat urang hirup-kumbuh. Cirina diauban ku Gunung Pangauban --gunung nu jadi gentong bumi, tempat kaluarna séké utama nu jadi huluwotan wahangan gedé (bahé ngamuhara ka sagara) di hiji wewengkon, istilah kiwari; DAS). Banjar karang pangancikan nu ngalahirkeun seuweu-siwi. Tempat hirup kumbuh. Tempat huripna rundayan generasi. Nu kudu tuluy dijaga. Sangkan teu katibanan rupa-rupa mamala. Mala-pataka. Ti mimiti nu leutik tika nu gedé. Keur nu ngancik katut pangancikanna. Boh nu mangrupa 'bencana sosial' atawa pataka alam.
Kumaha cirina kabuyutan? Dina sawatara naskah samisal rumpaka pantun heubeul (kayaning Pantun Bogor, atawa Cianjuran), kabuyutan dicirian ku Gunung (pangauban). Modél dina rumpaka; "Raden, Gunung téh tetengger nagara". Nagara, maksudna nya kabuyutan. Hiji kabuyutan, cirina gunung pangauban; tempat bijilna hulu-cai pikeun hiji walungan nu ngamuhara ka laut; "buyut sagara".
Prabuguru Darmasiksa, dina miwejang sangkan ihtiar bisa ngahontal cita-cita katut karahayuan hirup, maparin siloka ku walungan:
"Ku na urang ala lwirna patanjala, pata ngarana cai, jala ngarana (a)pya, hanteu ti burung/ng/eun tapa, kita lamuna bitan apwa téya, ongkoh-ongkwah dipilalwaeun di manéh, gena(h) dina kageulisan, mulah kasimwatan, mulah kasiweuran ka nu miburung/ng/an tapa, mulah kapidéngé ku na carék gwaréng, ongkwah-ongkoh di pitineung/ng/eun di manéh, iya ra(m)pés, iya geulis."
[Urang tiru wujud 'patanjala'; pata hartina cai, jala hartina (jalur) wahangan. Moal percumah (laku hadè) tapa urang, mun (urang) niru èta wahangan. Tumuluy tinuju kana (alur) nu baris kaliwatan, mikabetah dina kaèndahan, ulah babari galideur èlodan, ulah bèngbatan (ku hal-hal) nu bakal ngagagalkeun (laku hadè) tapa urang, ulah dèngèan (teuing) kana omongan gorèng (ti batur), puseurkeun (pokeus) perhatian pikeun ngahontal cita-cita urang. Nya sampurna, nya èndah.]
Ieu amanat ngandung nilèy-nilèy luhung diantarana;
1] Kudu wanoh tur weruh kana palasipah hirup luluhur. Dina hal ieu, urang Sunda ngajadikeun cai jadi simbul kahuripanana. Conto atra; rata-rata ngaran lembur atawa wewengkon sok dimimitian ku "ci" (cai). Hartina, cai mibanda peran dominan dina kahirupan jeung kahuripan urang Sunda. Cai kudu bisa dipiguru. Kahirupan Urang Sunda nyoko tur museur kana walungan gedè di wewengkonna sèwang-sèwangan nu geus ngahuripanana. Tegesna nya kabuyutan tèa. Tika kiwari, di sawatara tempat aya kénéh nu di sebut; leuweung larangan nu diwatesan ku leuweung tutupan, biasa disakralkeun sajalaran jadi hulu cai. Puseur pangabutuh vital balaréa.
2] Kudu daèk tapa. Tapa di dieu, hartina lain tapa mujasmèdi ngaraga-meneng (wungkul), tapi (ogé) tapa-laku. Tapa-salira. Merenahna, nyaèta mikawanoh alam nu jadi lemah caina. Bekel bakti saraka. Lumaku dina kahadèan'. Ngajaga kabuyutan.
3] Pokeus jeung konsèntrasi. Henteu galideur enggoning migawè tapa. Henteu èlodan-bèngbatan ku rupa-rupa gogoda sajeroning ihtiar babakti. Geusan kahontalna cita-cita anu sampurna tur èndah.
ÉPILOH; Rumusan laku tina Amanat Galunggung.
Nilèy-Nilèy luhung nu (kudu) jadi ciri idèntitas budaya hiji bangsa tinangtu patali pageuh reujeung palsapah ogè otèntisitas lakuna. Numana kagambarkeun ku tiap individu di èta masarakat. Ku hal sakitu, tinangtu èta nilèy-nilèy tèh nya sakuduna diihtiaran pikeun bisa ditranspormasikeun, salajuna disosialisasikeun, ka sakumna warga.
Pon nya kitu ogè "Amanat Galunggung Ti Prabu Guru Darmasiksa". Ieu amanat lain keur masarakat Galunggung (Tasikmalaya) wungkul, tapi keur sakabèh nu ngaku urang Sunda. Amanat Galunggung kudu jadi bagèan tina tungtunan (ètika budaya) hirup Ki Sunda. Nu apal ti mana asal.
Kuring jeung aleutan, dina ihtiar nedunan ieu amanat, diwujudkeun dina 'Laku Patanjala'. Tarékah netepkeun tata rohang wilayah; "Larangan, Tutupan, Baladaheun" di pangaubanna séwang-séwangan.
Patanjala, sakitu éndahna.
Babantar muhara Cipèlang, Pangauban Cimandiri, 10 Nopémber 2019.
======================
Bahan bacaan katut rujukan:
1]https://id.wikipedia.org/wiki/Darmasiksa
2]https://id.wikipedia.org/wiki/Amanat_Galunggung
3]Amanat Dari Galunggung, Drs. Atja & Drs. Saleh Danasasmita
4] Pustaka Pararatwan I Bhumi Jawadwipa – Parwa 1 Sargha 1-4. Agus Aris Munandar dan Edi S. Ekadjati. Yayasan Pembangunan Jawa Barat, 1991.
5] Sewaka Darma. Sanghiyang Siksa Kandang Karesian – Amanat Galunggung. Ayatrohaedi dkk. Depdikbud, 1987. via Amanat Galunggung Prabuguru Darmasiksa Leluhur Sunda, Drs. H.R. Hidayat Suryalaga, https://artshangkala.wordpress.com/2009/09/23/amanat-galunggung-prabuguru-darmasiksa-leluhur-sunda/
*Potrét: dokuméntasi Naratas Pangauban Cimandiri 2017