Basa Enéng Cilaka | Cévi Whiésa

Ilustrasi: Pinterest

Janari leutik éling-éling mobil geus parkir di buruan sanggar. Barang ngarérét ka luar, barudak keur riweuh nurunkeun jeung ukat-akut alat. Teu kungsi ngobrol komo deui muka hapé, turun tina mobil langsung ka tepas, golédag saré, tibra.

Hawar-hawar kadéngé sora tadarus ti mushola gigireun tepas. Sabot nguliat bari heuay, di hareupeun Si Zani ngarandeg ngasongkeun anduk.

”Hayu berjamaah, Kang.” Pokna.

Kuring ngan unggeuk tuluy ka cai ngadon mandi tuluy wudhu. Saba'da sholat berjamaah kakarak gep nyekel hapé. Mukaan pésbuk jeung instagram, eusina pinuh ku postingan pagelaran sésa peuting. Barang muka whatsapp, muka pesan ti manéhna, disampakkeun kiriman potrét leungeun, suku, jeung pipi nu bararéd.

”A kunaon teu aktif waé ih! Tinggal ieu, nuju hujan pasosontén kamari, waktos uih kerja kelompok Enéng geubis tina motor. Pami tos rinéh ka bumi nya.” Pesan di sahandapeun potrét maké émot ceurik sagala.

Kagét, ningali éta potrét jeung béja ti manéhna. Teu kungsi sasarap, rebun kénéh langsung ngajugjug ka imahna. Hareupeun gang H. Oji, kira-kira tilu ratus méteran saacan imahna, di sisi jalan kaciri indungna keur diuk gigireun roda bubur. 

”Assalamualaikum, Bu.” Kuring turun tina motor, rengkuh ngasongkeun leungeun.

”Waalaikumsallam. Aéh Aa! Meni nyubuh.” Pokna.

”Muhun Bu, kénging hibar ti Enéng, leres kamari geubis tina motor?”

”Euh nyaéta, ayeuna nuju ngaringkuk aya karaos panas tiris, bararéd deuih. Ieu Ibu mésér bubur da alim sangu saurna téh.”

”Gusti, kitu Bu? Hayu atuh hawatos, sawengi teu kantos muka hapé némbé kaaos tadi subuh pesan ti Enéng téh.”

Barang nepi ka imahna, nyampak manéhna ngagolér di tengah imah nyanghareupan tipi, di sagigireunna aya rupa-rupa obat jeung kadaharan. Dirérét peureum kénéh.

”Tuh A gugahkeun gera, Ibu ngeurihkeun heula bubur nya.” Ceuk Indungna.

Kuring teu wasa ngageuingkeun, ngan barang ngadéngé pakolotrak piring manéhna nyaring, gegerungan badé nyeri. Ku kuring disampeurkeun, gék diuk gigireunna, lalaunan tarangna diusapan.

”Néng? Kunaon Enéng téh dugi ka kieuna?

Laun kuring nanya. Manéhna teu langsung némbalan, ngadon rék cengkat tapi teu kaduga. Kuring ngiserkeun anggel keur nyarandé, pundukna diangkat, manéhna méréan.

”Kumaha lancar A? Uih tabuh sabaraha? Atos tuang teu acan?” Meredel malik nanya.

”Alhamdulillah lancar, nu kagungan maksad ngaraos puas. Dugi ka sanggar deui janari.”

”Atuh teu acan kulem? Atos tuang teu acan?

”Bobo, kunaon atuh Enéng téh?”

”Enéng uih ti bumi Rani, neraskeun hanca kerja kelompok ti Bu Nani. Uihna kasontenan jabi hujan, ari ngantos root bilih kabujeng wengi nya tos wé maksakeun uih hujan-hujan ogé. Ari jalan teu katingal, soca peurih, pas péngkolan aya motor kaluar ti gang, ari Enéng nganggo rém payun bari ngadadak, nyorolok A, teu katahan janten wé tikusruk héhé..” 

”Aéh-aéh naha bet rurusuhan atuh? Padahal mah keun wé meuntas magrib gé antosan root heula.”

”Ah Aa mah!” Manéhna miceun teuteup.

”Aéh, naon ari Enéng?” Tanya kuring, bari diélég.

”Naha Aa teu émut?

”Ari kitu?”

Mémang enya kuring teu apal naon nu dimaksud.

”Ih Aa, apan Enéng téh badé milarian kuéh heula.”

”Kuéh kanggo saha?”

”Teuh nya, kalah naros kitu! Naha Aa hilap?”

”Kéla, naon ieu téh?”

”Milangwarsih Aa! Apanan tos sataun urang téh!”

Indungna ngurunyung ti dapur nanggeuy bubur, brak ditunda gigireun kuring. Bari mesem surti.

”Sok néng emam heula. Aa deuih enging elat sasarap, ku Ibu tos disayogikeun di dapur. Ibu badé ka bumi Bi Endah heula sakantenan mésér token listrik.” Pokna bari ngaléos.

”Sok emam heula, yeuh eueut heula.” Kuring ngasongkeun cai.

”Alim ah!” Jamedud.

”Éh sok énggal enging ogo ah.” 

Ku kuring diélég. Manéhna ngan jamedud sakapeung miceun beungeut. Kalilaan, cipanonna murubut teu kaampeuh. Kuring ngarasa reuwas, bingung, jeung aya karumasa. Pagaliwota.

”Aéh naha nangis? Punten atuh bilih Aa lepat, kedah kumaha sok?”

Manéhna nginghak ceurik, kuring ngupahan. 

”Aa mah teu ngaraoskeun, Enéng mah dugi ka kieuna lantaran nyaah ka Aa. Néng teu pernah hilap tong boro dina samenit, sadetik ogé raraosan mah Néng tacan pernah hilap kana naon rupa hal nu aya patula-patalina sareng hubungan urang. Naha ari Aa meni tiis-tiis waé?” Pokna, sakapeung omongna teu kebat kapotong ku inghak.

Kuring ngan tungkul, karumasa nyimbutan awak. 

”Cobi émut ku Aa, dinten ieu pisan urang paheut dina pasini. Majar sapapait, samamanis, sabagja, sacilaka urang sungsi ku duaan, tapi gening? Miéling poé urang ogé henteu Aa téh? Hoyong atuh jiga batur meni kompak sareng kabogohna téh, peupeuriheun Enéng tos ihlas dina bab Aa ngagugulung karesep mah.”

”Muhun, muhun, hapunten Aa lepat. Kin ieu pieunteungeun kanggo Aa ka payunna.”

Manéhna neuteup. Seukeut. Kuring diwales ku teuteup nu dibalur genclang cipanon. Lila. Nepi ka lesna tanaga awak, urang bareng ngagebru dina hiji tangkeupan. Kaseuseup getih nu can garing dina awakna, jadi pamatri asih nu beuki ngajaul dina ati. Biwir ngonci taya basa nu kedal, nu norowélang ti ati ka ati. Lila anteng paguneman.

”Astagfirullah!” 

Kuring ngoréjat. Rénghap ranyug. Luak lieuk, di sabudeureun ngan sora simpé. Karasa nyata, jeung mémang nyata kitu pisan kajadian harita. Mun seug kebat maturan manéhna nepi ka cageurna, bagja taya papadana najan ngan saukur impénan.

Nu sanyatana, urang paturay dina pangharepan nu can manggih jalanna. Naha iraha éta lalampahan bisa balik jadi nyata, tanya haté nu dibalur rasa kahanjakal.

 

Catatan: Hanya anggota dari blog ini yang dapat mengirim komentar.