Mun téa wanci bisa diputer deui, gerentes haté nineung kana mangsa éndah nu geus kalarung, mangsa nu neundeun sabongkah carita nu asana geus moal bisa kasorang deui dina wanci kiwari.
Baheula keur paleuleutik, horéng teu saeutik hirup téh nyieun rumpaka carita nu kiwari ngan bisa dipedar dina ingetan, diwawaas, sakapeung bijil hanjakal. Tiap-tiap carita téh asa jadi banda nu mahal hargana.
Siduru hareupeun hawu, hiji kabiasaan nu tara kaliwat. Biasana pasusubuh, mun kolot keur nyangu atawa naheur cai, hudang saré sibeungeut tuluy indit ka Masigit, mulangna geus pasti ngudag dapur rék ngadon milu siduru.
Sabérésna nyangu, tuluy diakeul, embung tinggaleun ék ngadon nyangonto hareupeun sangu nu ngebul panas. Haseupna kasesep kontan mawa lapar, ditambaan nyomot sangu sakeupeul, digaloan uyah tuluy dibuleud-buleud, am dihuapkeun. Nikmat, taya duana.
Kutan, wanci téh nunda banda najan teu ngajirim.
cara ngirim tulisan ka pangdeudeul

