Situs Tapak Jaksa, Cibeuti, Kawalu, Kota Tasikmalaya

Situs Tapak Jaksa, Kawalu, Kota Tasikmalaya. Foto: Pangdeudeul



Ku: Cevi Whiesa Manunggaling Hurip (Seniman & Penggiat Budaya)

Taun 2019 harita, kira-kira bulan Méi, kuring nyukcruk hiji titinggal sajarah di daérah Kawalu. Pernah na pisan di Gunung Beureum, Cipancur, Cibeuti, kacamatan Kawalu. Di lebah sisi éta Gunung aya situs nu disebut Tapak Jaksa. 

Waktu ka dinya, kuring di anteur ku salah saurang warga nu dumuk na handapeun pisan éta Gunung. Ceuk manéh na, nepi ka kiwari ieu sajarah Tapak Jaksa téh masih kénéh simpang siur. Pangpang na, nu apal kana sajarah ieu situs téh geus tilar, jeung deuih waktu jumeneng na teu pati muka ngeunaan sajarah ieu situs. 


Numutkeun béja, di ieu Gunung téh aya prasasti, ngan can aya nu manggihan nepi ka kiwari. Dina éta batu, aya tapak suku nu disebut Tapak Jaksa téa jeung tulisan sunda kuno. 


Mitos na ogé aya. Harita waktu ék naék ka éta gunung, hiji kolot ngocéak, meupeujeuhanan ulah asup sorangan, kudu di anteur. Mahar di Gunung ieu ogé tempat pamiceunan layon jaman walanda. Teu jarang nu asup ka ieu Gunung tuluy kasarung, malahan cenah sok disumputkeun ku jurig jendral walanda nu mandeuh di dinya.


Waktu 2019 harita, ieu Gunung rencana na rék ditugar ngan sabagian warga nu mibanda tanah di dinya teu panuju. Cenah, ti Disporabudpar ogé kungsi ka dinya.


Hiji deui pancén keur Pemkot Tasik husus na, sakumaha saur ploklamator urang, yén bangsa nu gedé téh nyaéta bangsa nu ngajén ka pahlawan na, ogé miroséa kana sajarah na.







Catatan: Hanya anggota dari blog ini yang dapat mengirim komentar.