Situs Lingga Yoni Indihiang Kota Tasikmalaya












PANGDEUDEUL - Situs Purbakala Lingga Yoni Indihiang mangrupakeun hiji titinggal sajarah zaman klasik Hindu-Buddha nu jadi simbol kasuburan tina wujud Siva jeung Durga, dihubungkeun jeung pamujaan ka Déwi Ibu. Déwa-déwa dina ageman Hindu, khususna déwa-déwa luhung nu digambarkeun mibanda kakuatan pikeun ngajalankeun tugas. Kakuatan ieu disebut Sakti jeung sok diwujudkeun Déwi papasangan déwa-déwa éta, Sakti Wisnu diwujudkeun ku Laksmi.

Dina aliran Saiwa, Sakti Siwa disebut Déwi. Numutkeun sababaraha Kitab Purana, Sakti Siwa atawa Déwi ngabogaan dua aspék, nyaéta santa atawa saumnya (tenang) jeung aspék kroda atawa raudra (dahsyat). Kultus Déwi Ibu jadi bagéan penting dina kabudayaan agraris, kira-kira 5000-4000 taun méméh maséhi. Hal ieu timbul tina katakjuban jeung teu paham na kana proses-proses alam, kalahiran conto na.

Di zaman éta rahayat nganggap Déwi Ibu téh personifikasi taneuh anu ngalahirkeun tutuwuhan nu diperlukeun ku manusa. Ti dinya dijieun patung-patung wanoja tina taneuh liat jeung batu kapur nu keur rengkuh atawa cingogo dina ukuran leutik. Dina zaman éta Déwi Ibu dipuja diréndéngkeun jeung pasangan jajakana, sabab dina prinsipna, prosés kalahiran teu bisa dipaliré. Lambang atawa simbol Déwi Ibu jeung pasanganna mangrupa alat bobogaan wanoja jeung jajaka.


sumber video: tasik kota

Ieu Lingga Yoni téh pernah na di wewengkon Tasikmalaya, nyaéta di puncak Gunung Kabuyutan, Kampung Sindanglengo, Kelurahan Sukamaju, Kacamatan Indihiang, Kota Tasikmalaya. Lamun ti dayeuh mah, kurang leuwih jarak na 8 KM ka ieu situs.

Kawilang nyaah, sabab katingali na ieu situs téh teu pati kaurus. Urang kudu ngaliwatan heula rungkun nu jarangkung sarta jalan nu rarujit pikeun bisa asup ka aréa situs. Barang geus nepi di lawang situs, atawa bisa disebut portal asup, urang bakal manggihan sababaraha monyét nu tingguntayang na tatangkalan. Di aréa situsna pisan, waktu harita mah taya jalma sakulampreng, pan ilahar na mah ari tempat-tempat titinggal sajarah mah sok aya kuncen nu tunggu, tapi duka kabeneran harita mah keur euweuh meureun.

Jadi pancén jeung tanggungjawab urang sararéa pikeun ngajaga ieu situs.









 

 



Catatan: Hanya anggota dari blog ini yang dapat mengirim komentar.